03 Jan 2025

Budi Suhardiman - Gulis (Guru Menulis)

Sasakala Cikajang

Sasakala Cikajang

Jaman baheula aya hiji leuweung geledegan. Kaayaanana masih kénéh angker pikasieuneun. Tangkal kaina galedé sarta geus jaranggotan. Tina saban handapeun tangkal kaina ngocor cai nyusu mani hérang. Sok sanajan kaayaanana pikasieuneun, tapi ieu leuweung téh sok dipaké panyumputan tentara. Malah lamun tentara geus nyumput di éta leuweung jarang kapanggih deui ku musuh. Cenah mah lamun nyumput di éta leuweung, rarasaan téh asa aya nu mindingan, nepi ka teu ka tinggali ku batur.
Pernah dina hiji waktu ka éta leuweung aya urang Walanda nu nénéangan tentara, tapi teu kapanggih. Padahal nu tentara téh pagiling gisik jeung manéhna. Tentara jongjon caricing, urang Walanda kukurilingan nénéangan. Nu ahirna kulantaran geus ngarasa capé, urang Walanda téh balik deui. Pajarkeun téh cenah taya tentara nu nyumput.
Kacaritakeun ka ieu leuweung datang hiji ulama jumhur jeung para santrina, ngaranna Éyang Nurbain. Santri nu marenganana ngaranna nyaéta Haka, Hasan, jeung Abdul. Datangna Éyang Nurbain jeung para santrina ka ieu tempat nyaéta dina raraga nyebarkeun agama Islam. Ku kaluhungan elmuna, Éyang Nurbain boga kayakinan ieu patempatan téh engkéna bakal jadi hiji tempat nu ramé sarta pangeusina bakal loba. Ku lantaran kitu, Éyang Nurbain jeung para santrina nyieun rarancang ngeunaan kumaha-kumahana nyebarkeun agama Islam di eta tempat.
Léngkah mimiti nu dipagawé ku Éyang Nurbain jeung para santrina nyaéta ngababakan eta leuweung dijieun lembur. Ku Éyang Nurbain jeung para santrina éta leuweung téh sabagian dibukbak dijieun pilembureun. Saterusna Éyang Nurbain jeung parasantrina ngadegkeun tajug. Ieu tajug saterusna ku Éyang Nurbain dipaké ngawuruk ngaji para santrina.
Enya wé pirasat Éyang Nurbain téh jadi kanyataan. Ka ieu tempat jul jol jalma daratang rék diajar agama Islam ka Éyang Nurbain. Lolobana mah nu daratang téh ti u jarauh, kayaning ti Banten, Cianjur, Sumedang, jeung sajabana. Malah nu daratang tlain rék ngadon ngaji ogé, ngan saukur hayang nyaho wungkul éta patempatan loba. Aya ogé nu hayang pindah ka éta tempat. Nu hayang nyieun imah di éta tempat, ku Éyang Nurbain diidinan asal milu ngaji sarta milu nyebarkeun agama Islam. Sanggeus diidinan ku Éyang Nurbain. nu daratang téh kacida atoheunana. Maranéhna bumén-bumén di dinya bari milu icikibung nyebarkeun agama Islam jeung Éyang Nurbain. Lila-lila jumlah pangeusi ieu tempat téh ngalobaan.
Ku lantaran loba jalma nu jul jol daratang ti mana-mana, ku Éyang Nurbain ieu patempatan téh dingaranan Ajangna, nu ngandung harti tempat panampungan. Kecap ajangna lila-lila robah jadi Cikajang. Ci, tina cai nyusu nu ngocor di ieu tempat, sedengkeun ajang tina ajangna, tempat nampung jalma-jalma téa. Kiwari Cikajang téh jadi ngaran salah hiji kacamatan nu aya di Kabupaten Garut. (Dicaritakeun deui ku Budi SDM).


Dimuat oleh : Dr. H Budi Suhardiman,M.Pd