*Serat Paturay*
Yasana: Enok Herlin
Kahatur Bapa Dr. Budi Suhardiman, M.Pd
Cunduk waktuna ninggang mangsana
Asa enya siga saputeran film
Lain, saking nyérélékna
Boa siga saputeran lagu
Lalakon urang sasarengan
Pili genti rasa geus kaalaman
Silih asahna,
Silih asihna,
jeung silih asuhna
Ayeuna urang paturay
Tapi sanés paanggang sagalana
Bapa...
Pancén anjeun ngawula ka ieu sakola
Tos nincak kana ugana
Tong salempang ka sadayana
Anjeun parantos ngagurat carita
Janten pamingpin nu wijaksana
Bapa...
Sumanget Anjeun dina widang atikan
Tos kakoncara ka sapangeusi buana
Réwuan késang jeung pamikiran
Réwuan élmu jeung pangalaman
Ku Anjeun ditépakeun ka ieu sakola
Teu aya deui kecap jeung kalimah
nu pangsaéna nu dikedalkeun
Tan wilangna réwu nuhun
Kahaturkeun ka Anjeun
Bapa seja ngalalana
Mugia ginulur rahayu salalamina
Dimuat oleh : Herlina Agustina