Pelok Buah
Kembang eros gigireunana katingali meni mangkak kembangna,warnana nu kasumba matak ngabubungah hate sing saha wae nu ningali kaendahanana.
Tika bari nangkeup gado,ningalikeun jalan nu hareupna. Awakna ngageser ka katuhu lantaran tangkah dukuh hareupeunana,daunna nu katebak angin ngahalangan.
Seungitna kembang eros kasumba kaangse pisan, ngajadikeun Tika ngareret kanu kembang eros, tapi teu kungsi lila, ret deui kanu jalan gede nu kahalangan ku palataran imah tatanggana.
Tiap aya sora talapak kuda nu ngaliwat ngajadikeun Tika molototan delmanna nu ditarik ku sato eta,susuganan eta angkutan umum teh eureun di hareupeunana.
Geus leuwih ti sajam Tika nungguan indungna, nu tadi isuk bebeja rek ka kota, balanja kaperluan dapur saminggueun.
Teu kungsi lila, aya delman eureun hareupeun gang leutik pas pisan hareupeun tangkal dukuh.
Tika meni bungangang hatena, katingali indungna nu ditungguan titatadi keur turun tina delman, bari mawa sakeresek gede balanjaan.
Teu diengkekeun deui, Tika muru ka jalan ngabageakeun nu karek hol tina delman.
"Mih, meni lami ka pasar teh, Tika tos kesel ngantosan Mimih."
Tika bari nyekelan leungeun indungna, ngungkapkeun eusi hatena, bari dina hatena mah ngarasa atoh nu ditungguan tos aya di hareupeunana.
"Apan seueur nu kedah digaleuh atuh Tika, saur Mimih ge ulah diantosan ke ge uih ka bumi."
"Eta dina panangan seueur bentol, dicocoan ku reungit ti susukan pastina ge."
Indungna bari ngusapan leungeun Tika nu katingali bareureum dicoco reungit.
Balanjaan nu sakeresek gede teh, langsung weh dibuka.
Aya tempe, tahu, kangkung, cengek, bawang, daging domba,emping jeung rupa-rupa kukurupukan, oge buah cengkir jeung harumanis.
Tika nu geus hanaang ningali buah langsung weh ka dapur mawa peso.
"Mih, ieu pesèk buahna nya!"
"Meuni seungit kieu,Tika hoyong pisan ayeuna emam buahna."
Indungna Tika,ningali anak pangais bungsuna nyenyekel peso terus weh buah harumanis dipesek , teu dipalire kacape sanggeus kukurilingan di pasar tadi isuk.
Tika,meuni kumetap ningali buah harumanis nu seungit tur warna dagingna nu burahay koneng semu oranye.
Indungna ngahaja daging buahna rada diipisan dipesekna ambeh pelok buahna rada dagingan keneh.
"Pelokna kanggo Tika nya Mih!"
"Muhun,yeuh geulis!"
Indungna bari nyerengeh mikeun pelok buah ka Tika.
Pelok buah tuluy weh digorogotan ku Tika"
"Amis pisan Mih,ieu buah teh."
"Alhamdulillah atuh ari amis mah,seepkeun!"
Tos beres ngagorogot pelok buah,tuluy weh buahna nu geus dipotongan laleutik ku indungna,dihuapkeun oge.
"Nuhun nya Mih Tika meuni wareg pisan."
"Muhun,sok ayeuna mah gera natepan,tos adzan Dhuhur!"
"Tos beres bantuan Mimih metikkan kangkung nya!"
Tika unggeuk,terus weh ka cai,wudlu,nerus ka kamar ngalaksanakeun solat.
Mimih,indungna netep anakna,dina hatena kacapena kaubaran ku Tika nu katingali bungah pisan ngagorogotan pelok buah harumanis nu tadina mah moal dibeuli lantaran beurat mawana.
Dimuat oleh : Herlina Agustina