Cai hujan nu ngocor ti luhur langit ngajadikeun kuring rada ngaringkuk bari nyoo HP.
Ditingalian chat nu acan kabuka, lantaran ti subuh keneh pakepuk ku pagawean dapur.
Cenah mah kasebutna "holiday",tapi meni loba pisan beresaneun, resiko keur kuring nu kasebutna wanita karier ngarangkep Ibu RT, jadina teh dilakonan weh. Susuganan nambah barokah.
Kuring mencèt chat grup nu penting heula nyaeta grup sakola.
Cair, cair, cobi dicek tos lebet eta tukin kanu rekening!"
Info anyar nu matak bungah sararea karek torojol dina grup sakola nu karek pisan dipencèt ku kuring.
Teu diengkekeun, dipencet weh aplikasi bank nu aya di HP kuring. Pek teh bener weh aya angka belasan juta nu asup kanu rekening kuring.
"Alhamdulillah, nuhun Yaa Alloh, rizki poe ieu."
Paroman kuring ngadadak cahayaan, ari kamari kamari mah ngarasa cakueum, asa hoream sagala rupa,imah ge ngan ukur disapuan weh.
"Jongjon tos aya tabungan mah" kuring ngomong sorangan.
Beuteung asa ngadadak wareg padahal tadi isuk ngan dieusian leupeut jeung bala- bala wungkul, meunang nyomot ti Teh Lia.
"Tos dicek,mung tunjangan nu sanesna teu acan aya." Sobat kuring Bu Dini ngabejaan rehna tunjangan teh teu kabeh turun.
"Sigana mah ahir bulan ge turun piraku atuh pamarentah geus janji ka urang- urang,sa Indonesia deuih."ceuk kuring ngupahan sobat kuring kaasup kuring nu saeunyana mah rada kuciwa.
"Mun bisa mah urang teh asupkeun kanu grup pamarentah,pan jadi apal iraha-irahana?", salah sahiji chat dina grup matak nu lain nyarengel, nyeungseurikeun kahayangna.
"Nya ke diasupkeun ka grup pamarentah, sabar weh heula." Pok nu lain nembalan.
"Ayeuna mah geura balanja heula weh,sesana keur babayar hutang." Salah sahiji nomer dina grup kajurungkeun.
"Naha asa tibalik eta?babayar heula karek balanja". Nu tadi ngomentar nanyakeun .
"Ari geus dibalanjakeun mah,nu nagih moal maksa dilunasan da duitna ge geus teu aya,urang ge moal asa ngarasa dosa da puguh euweuh duitna".Pok na ngajelaskeun.
" Bejakeun weh ke nungguan ti pamarentah can mayar hutang".
"Heueuh nya bener oge,hayu atuh urang balanja,da hutang mah gening teu eureun- eureun aya weh pangabutuh teh."
Kuring nu macaan chat ngadadak hayang seuri,ku aya wae idena teh.dasar guru embung eleh kusasaha ge.
Dimuat oleh : Herlina Agustina