11 May 2024

Evi Novita - Gulis (Guru Menulis)

Kapanasan


"Alhamdulillah ieu aya rizki sakedik kanggo teteh,mugia barokah nya teh?" adi kuring ngeupeulkeun amplop bodas kanu leungeun katuhu. Aya atoh aya,ngan lolobana hareundegeun, duit timana adi kuring nu biasa namprak ayeuna ngadadak bageur?

"Eeeh kedap ieu artos naon ?"  kuring panasaran nanyakeun asa muasal eusi dina amplop nu dikeupeulkeun ka kuring.

"Ngajual domba teh nu harita mah leutik keneh geuningan, ayeuna mah tos badag,jadi Dika jual wehlah ,hoream marabanana." Pokna teh.

"Dika era sok nginjeun wae ka teteh ayeuna aya rizki hoyong atuh mere maweh ka dulur" Dika neruskeun omonganana,ngajentrekeun alesanana.

"Nya atuh alhamdulillah,jazakumullloh khairon katsiro", tembal kuring bari sup amplop bodasna diasupkeun kanu saku daster.

"Kabeneran Dika, kaperluan dapur geus karosong,pan rek lebaran saminggu deui,sing kagentosan deui nya rizkina, teteh rek ngajak barudak balanja kaperluan keur lebaran ,cenah aya supermarket anyar di kota." Ceuk kuring bari marahmay nganuhunkeun ,kabayang barudak kacida atohna dibawa ka toko gede nu ceuk batur mah katelahna Mall.


"Teh Via,Reyhan enggalan gera aribak!", kuring ngagorowok ngagupayan barudak nu anteng maen di buruan imah.

"Bade kamana kitu Bu?" Si bungsu miheulaan lanceukna nanya ka kuring.

"Urang ka Mall tea,Ibu bade ngagaleuh kaperluan dapur!",ajak kuring teu disumput-sumput maksud jeung tujuanna.

"Hayu ah teteh!",bari lumpat anak kuring nu bungsu ngajakkan lanceukna nu masih ngumpulkeun cocoan adina.

"Muhun,kedap atuh nya ieu meresan heula momobilan kanu duskeun,pokna bari rada jamedud pedah adina teu malire kanu urut kaulinana.

"Lirenkeun di Mall Anyar nya Aa!",Ceuk kuring lalaunan bari ngasongkeun ongkos angkot,sieun kaliwat tempatna.

Kaayaan Mall nu anyar dibangun kacida ramena,keur mah poe saptu puguh weh asa aya tempat keur ulin atanapi cuci mata ,henteu barudak ngora wungkul geningan nu geus umuran ge meni pasuliwer pabeulit jeung barudak leutik nu lulumpatan sapanjang teras
Jeung jero toko di Mall nu sababaraha poe katukang dibuka ku bupati.

Kuring macaan aksara,neangan tanda nu ngajelaskeun toko nu ngajual kaperluan dapur.Sihoreng nu ngaran supermarket ayana di handap jadi kapaksa weh turun kanu eskalator nu geus pinuh ku jelema nu sarua rek balanja.

Barudak kuring kacida bungahna,sirilik kaditu sirilik kadieu bari ranggem ,bus diasupkeun kanu karanjang,balik deui ,bus deui ngasupkeun jajanan.

"Tingal heula hargana,pami nuju diskon nembe dicandak nya?"

Saacan ka Mall kuring omat-omatan ka barudak bisi sagala diasupkeun,maklum sok lapar mata cenah ari ningali nu herang-herang teh.

Kuring mah anteng weh ningalian harga minyak goreng, gula bodas,kopi ngabandingkeun hargana antara merk nu hiji jeung nu lainna.

Geus beres kaperluan dapur,mapay kanu kaperluan nu lainna,loba pisan pilihanna mulai nu hargana bohay dugi kanu harga diskonan.

"Asa kabeh parenting gerentes hate kuring".Itu hoyong ieu hayang,kuring ngomong sorangan,bari milihan barang nu dibutuhkeun,inuman nu botolan jeung kue kaleng ngalayang kanu karanjang beureum, toples kueh nu lalucu diamankeun oge dina gigireunana,pikir teh jongjon bisi aya semah tinggal ngasorkeun.

Dua karanjang beureum sor diasongkeun ka tempat bayar nu disebut kasir tea.
Hiji-hiji discan kanu alat nu aya di hareupeunana,sakocepat muncul harga aslina jeung harga sanggeus diskon.lumayan lila ngajanteng hareupeun kasir,nungguan total harga nu kudu ku kuring dibayar, keur dihilikeun jeung dua keresek badag nu eusina balanjaan.

Rek nepi ka kasir teh nungguanna meni lila pisan,ngantrina kacida panjangna,budak nu bungsu geus elekesekeng geus teu kuat ngajanteng.keur mah beuteung kosong da keur puasa katambah tambah pinuh ku jelema nu ngantay nu sarua rek malayar ka kasir.

"Pameng nya de!"
"Ayeuna ge dugi ka kasir,"kuring ngupahan budak oge ngupahan hate kuring nu saeunyana awak kuring geus melenoy .

"Enam ratus delapan puluh ribu rupiah ya Bu,"kasir nyebutkeun angka nu kudu dibayar ku kuring.

Kuring ngaluarkeun duit ratusan rebu nu ti adi kuring,nu amplopna mah geus dialungkeun ka tempat sampah, song diasongkeun ka kasir nu keur nungguan dibayar.

"Uangnya tujuh ratus ribu rupiah dan ini kembaliannya dua puluh ribu ya Bu,"pokna bari ngasongkeun angsulanna.


Kuring ngaleos bari mawa dua keresek balanjaan nu karasa beurat pisan,puguh weh aya minyak,tarigu jeung gula bodas, oge jajanan barudak,nu lainna mah barang nu tadi ngabibita wungkul,nu teu pati perlu ku kuring hayoh dibeuli ,padahal mah toples kue geus ngajajar di imah,sirop oge aya dina dus parsel nu ti kantor malahan mah acan ditoel toel acan eusina ge ,ngan ukur ditoong weh.

Bari rada ngahuleung,duit ratusan rebu ngapung harita keneh,asa ngarasa leubar balik ti kasir teh, kuduna mah ditabungkeun sawareh keur bekel budak sakola, handeueul mah tara tiheula ari geus kalakon karek karasa balukarna.

Dina angkot,anak kuring katingali carape jeung parias ,geus lulumpatan jeung apay-apayan neangan jajanan nu dipikaresepna keur dipurak keur mangsa buka puasa jeung sahur.

"Saminggu deui rek lebaran tapi kabeh toko pararinuh,mulai toko nu leutik komo toko gede mah,sagala dibeuli,sagala diaya- ayakeun,sagala keur lebaran".

"Leres nya Bu?"

Supir angkot menta pendapat kuring,tapi omonganna karasana asa nyentug kanu hate, siga mupuas hate kuring,siga nu apal eusi hate kuring nu keur ngahuleung lantaran duit ti adi ngan sesa duapuluh rebu deui.

Kuring nembalan ku kecap 'muhun' hungkul,rada ngayambang nembalanna oge.

Da nya pisan antrian nu ngaleumpay di Mall nu tadi ku kuring disaba ,siga oray-orayan teu ngajadikeun jelema ngabatalkeun balanjaanna atapnapi balik kanan grak,malahan mah silih paloba-paloba meuli barang kaperluan keur lebaran,kaasup kuring nu kapanasan ku batur hayang ngilu ilu biung kanu riungan di mall anyar eta.

"Bu,kapok ah ulah meser emameun di mall deui, kalah cangkeul pean,anak kuring nu gede nu titatadi ngahephep di juru angkot ngutarakeun kakeselna,

"Mendingan ka warung Mang Juned sami kumplit sagala aya nya Bu?" Pokna deui .

"langkung mirah oge Bu,lumayan sarebu langkungna",ngalanjutkeun omonganana.

Kuring ngan ukur unggeuk weh,sapanuju jeung anak kuring.

Sajajalan kuring jadi napakuran diri bari ningali jalan nu kaliwatan ku angkot ,kuring ngalamun ,geningan nu ngarana Mall teh matak urang poho sagalana,sagala katempo,sagala hayang,alesanna rek lebaran, kudu sagala diaya- ayakeun,era ku batur bisi disebut teu lebaran.

"Astagfirulloh, Astagfirullohaladzim,kuring teu sadar ngucapkeun ampun ka Gusti Alloh.Kuring siga dipohokeun sagalana ,hayang nurutan batur balanja loba keur lebaran,bari can tangtu ibadah puasana loba ditarima ku Maha Kuasa.

"Mudah-mudahan Alloh ngahampura kuring nu bolokot ku dosa, kuring neruskeun istigfar keur malikkeun pikiran kuring nu saeunyana geus kausap kunu goib,nu geus mikat hate kuring lantaran ku geulisna tur tawaran murahna nu ngaranna Neng Mall.

Dimuat oleh : Herlina Agustina